...

Selasa, 24 Januari 2012

Persiapan sateacan Sholat

Saparantos rengse wudhu , dimana asup waktu sholat mangka sunnat haiat nyusur / nyiwak waos heula naha ku kai arok, kai zaitun, kai korma, sarung, atanapi sorban sareung sanes-sanesna ti eta, barina ngucapkeun :

اَللَّهُمَّ بَيِّضْ بِهِ أَسْنَانِى وَشُدَّ بِهِ لِـثَّتِىْ وَثَبِّتْ بِهِ لَهَاتِىْ وَأَفْصِحْ بِهِ لِسَانِى وَبَارِكْ لِى فِيْهِ وَأَثِبْنِىْ عَلَيْهِ يَاأَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

Ari cara nyeukeul kai arok atanapi zaitun anu sunnah nyaeta “
: ngajadikeun cinggir tina panangan katuhu ti handap tungtung pang handapna tina siwak/susur , jariji, jajangkung, jeung curuk disaluhureun eta cinggir sedengkeung jempol disimpeun dina tungtung siwak/susur anu pangluhurna
Ari cara nganggena anu sunnah eta ngagosokna saperti angka dalapan
*: nyatana ngawitan ti tengah waos anu luhur di sorodotkeun ka tungtung katuhu teras kahandap waos anu handap teras disorodotkeun deui ka kenca tengah waos handap teras ka tengah waos anu luhur teras katungtung kenca waos luhur teras kahandap waos anu handap teras disorodotkeun deui ka katuhu waos handap pas tengah-tengah teras kaluhur waos anu luhur teras disorodotkeun deui katungtung katuhu waos luhur kitu saterasna dugika 3balen.

Teuras sunnah qomat heula naha sholat nyorangan atanapi berjamaah salajeungna nembe  ngalakonan rukun sholat anu ka hiji nyatana :

* Ngadeug kajalma anu kawasa dina sholat Fardhu ( salaku rukun kahiji )

Teras maos ayat panyalindungan tina panggodana syetan anu ditundung tina rohmat Alloh Swt., nyatana maos :

أَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ مِنْ هَمْزِهِ وَنَفْخِهِ وَنَفْثِهِ  بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ  قُلْ أَعُوْذُ بِرَبِّ النَّاسِ ﴿١﴾ مَلِكِ النَّاسِ ﴿٢﴾ إِلَهِ النَّاسِ ﴿٣﴾ مِنْ شَرِّ الْوَسْوَاسِ الْخَنَّاسِ ﴿٤﴾ الَّذِي يُوَسْوِسُ فِي صُدُوْرِ النَّاسِ ﴿٥﴾ مِنَ الْجِنَّةِ وَ النَّاسِ ﴿٦﴾

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

...