...

Selasa, 24 Januari 2012

Doa Tahiyyat Anu Mimiti

* Diuk pikeun tahiyyat awal( salaku sunat ab`ad anu ka lima )
  Tegesna diuk iftirosy
Jeung ari ngaran diuk iftirosy eta yen diuk saha hiji jalma kana keneungna suku anu belah kenca bari ngajadikeun kana tonggongna suku anu belah kenca kana bumi jeung nangtungkeun musholli kana dampal sukuna musholli anu katuhu jeung neundeun musholli kana bumi kana tungtung pirang-pirang ramo sukuna anu katuhu kana jihat qiblat
 diuk iftirosy dina sakabeh pirang-pirang tingkah diuk ( hukumna sunat haiat )

 *Nendeun 2 leungeun dina luhureun dua pingping dina waktu diuk karana rek tahiyyat awal jeung tahiyyat akhir, halna ngabeberkeun musholli kana lengeun ( ramonaramona ) anu kenca kalawan sakira-kira meneran naon pirang-pirang tungtung ramo lengeunna kana tuurna jeung ngepeulkeun musholli kana ramo-ramo lengeun anu katuhu kajaba ramo curuk halna tetep tina lengeun katuhuna maka ulah ngeupeulkeun musholli kana curuk maka saestuna musholli eta isyaroh ( nunjuk ) kueta curuk halna ngacungkeun kana curuk dina tingkah ayana musholli eta maca syahadat jeung ari eta isyaroh ( nunjuk ) nalika macana musholli kana lafadz “ ILLALLOH “

 jeung ulah ngarobah-robah musholli kana curuk maka dimakruhkeun lamun ngarobah-robah musholli kana curuk jeung hanteu batal naon sholatna musholli ceuk wajah Ashoh. ( ari eta anu tos ditutur eta hukumna sunat haiat ) teras

*Maca tahiyyat awal( salaku sunat ab`ad anu ka genep )

التَّحِيَّاتُ اْلمُبَارَكَاتُ الصَّلَوَاتُ الطَّيِّباَتُ الزَّاكِيَاتُ لِلَّهِ، اَلسَّلامُ عَلَيْكَ أَيُّهَا النَّبِيُّ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ، اَلسَّلاَمُ عَلَيْنَا وَعَلَى عِبَادِ اللَّهِ الصَّالِحِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّداً رَّسُوْلُ اللَّهِ‏


*Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero tahiyyat awal( salaku sunat ab`ad anu ka tujuh )

اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ

* Teras Ngangkat dua lengeun dina nalika nangtung tina tahiyyat awal ( sunat haiat )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

...