...

Selasa, 24 Januari 2012

Cara Niat dina sholat

* Niat dijero hate( salaku rukun kadua )
Contona  niat sholat shubuh,  nyaeta ucapkeun ku lisan halna sunnah:

أُصَلِّى / أُؤَدِّىْ فَرْضَ الصُّبْحِ رَكْعَتَيْنِ مُسْتَقْبِلَ اْلكَعْبَةِ أَدَاءً مَأْمُوْمًا / إِمَامًا لِلَّهِ تَعَالَى... اَللَّهُ أكْبَرُ

ucapkeun ku hate halna rukun :
“ Ngahaja migawe sholat abdi kana fardhu shubuh…….kadituna mah hukumna sunnah haiat sapertos : rok`ataini (  kalawan 2x ruku` ) mustaqbilal ka`bahi / qiblati (  bari madeup ka ka`bah / qiblat ), adaan ( dina waktuna ) , ma`muman ( barina jadi ma`mum ) atawa imaman ( barina jadi imam )  sareung Lillahi Ta`ala ( karana mihareup Ridho Alloh Ta`ala )


Salajeungna takbirotul ihrom nyatana 
*Takbir ngaharamkeun kana anu halal ( salaku rukun anu katilu )
*teras  ngangkat dua lengeun dina nalika takbirotul ihrom nepika meneran ( palebahan ) dua taktakna musholli ( salaku sunat haiat )
Tah eta ngahijikeun niat jeung takbir ( nyatana dina waktu ngucapkeun Allohu Akbar ) disebatna teh Qornun niat salaku rukun sholat

* teras Nendeun leungeun katuhu luhureun leungeun kenca jeung aya dua lengeunna eta dihandapeun dadana jeung luhureun bujalna musholli. ( salaku sunat haiat )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

...